*_CARPON_*
" AKI AKI "
"Damang, Neng?" Oding, neuteup popotonganana, Odah.
"Alhamdulillah, A ! Kumaha sawalerna ?" Tembal Odah.
Treup, dua teuteupan bantrok.Dua hate, anu masih keneh neundeun duriat, ngageter.
"Asa beuki geulis ieu popotongan teh," gerentes hate Oding.
"Asa tambah gandang, A Oding teh !"
Sihoreng, hate Odah oge, sarua jeung urut salakina.
"Kamana geuning murangkalih urang, Neng ?"
Oding, nanyakeun nu jadi anak.
Anu karek umur sataun satengah.
"Bobo di kamar, A !" Odah, imut.
"Aa sono ka si kasep," Ceuk Oding.
"Mangga we tingal ka kamar, dibantun ka dieu mah, bilih lilir. Sok ngadat si kasêp mah, upami bobona kaganggu téh." Têmbal Odah.
Koloyong, Oding muru ka kamar.
Terus ngajanteng hareupeun lawang, neuteup nu jadi anak. Hatena, ngarakacak.Kaduhung, minuhan dada. Naha ti heula bet getas harupateun, ujug-ujug ngaragragkeun thalaq.
Padahal, katresna masih ngagedur. Panyana mah, bakal gampil neangan deui gaganti Odah teh.
Tetela geuning, teu sagampang kitu. Kacinta dina hate, teu pernah ilang ka Odah.Komo ayeuna, geus katalian ku anak.
"Kasep nya, A. Murangkalih urang.
Meni nyeples Aa" Ceuk Odah, anu geus aya gigireun Oding.
"Muhun, Neng! Hapunten Aa, rumaos ti payun getas harupateun, ujug-ujug ngaragragkeun thalaq ka Eneng.
Padahal, akang masih kacida bogohna ka Eneng." Oding, balaka.
"Sami, A ! Kacinta mah, abdi oge teu pernah laas ka salira, mung hanjakal, abdi ayeuna tos dijodokeun ku pun biang." Odah, ngeluk tungkul.
Pameunteuna, bareubeu. Antara era, jeung atoh.
"Dijodokeun ka saha, Neng ?"
Oding, langsung timburu.
"Ka... aki-aki nu maca dongeng ieu, A...!"..
😀😁🙏🙏
0 comments:
Post a Comment